Jumat, 30 April 2010

BOBODORAN SUNDA

Mimpi Malam Jum'at

bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.

Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."

Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"

Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."

Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"

Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen ee"

Orang Sunda : "Kumaha tah?"

Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

Bangkong

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran manehna jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"

Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"

Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"

Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak

Copet Bandung


Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.

Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,

Sueb : "Sok sia rek maling naon?"

Copet: "Heunteu mang,"

Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing."

Copet: "..?@/???Ehm..."

Poe Jumaah

Isak : "Rus, ari ayeuna poe naon?"
Rusdi : "Poe Kemis"
Isak : "Ari isukan"?
Rusdi : "Poe Jumaah"
Isak : "Ari geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya balik atuh Sak, piraku cicing wae di mesjid".
Isak : "Pinter geuning Rusdi mah."
(Rusdi jeung Isak tingserengeh, dibaturan ku nu maca)

Nuntut Elmu

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.

Bu Mirna, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"

Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna baeud.

SeMeSan

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar